alink
New Member
Posts: 21
|
Post by alink on Oct 2, 2006 9:43:48 GMT -5
perkawis larangan lalaki sunda teu meunang kawin ka istri jawa, tea kieu:
enya, lalaki sunda teu meunang kawin ka istri jawa, mun: 1. istri jawa na teu bogoheun ka urang, sanajan urang bogohna maratan langit 2. istri jawana bogoheun pisan ka urang, ngan urang bogoh ka nu sejen. 3. istri jawana bogoheun, tapi urang atawa manehna geus karawin ka pasangan masing-masing. selingkuh teu kaci da teu aya ti kodimna, komo ti polsek mah. 4. eta istri jawa teh, indung sorangan, lanceuk sorangan, adi sorangan.(sasusu atawa sa ASI) 4. istri jawana ratu hemas, sabab anjeuna istri batur, raja yogya. hehe 5. istri jawana nyonya meneer, da ngan aya gambarna wungkul dina ungkus jamu. 6. sami, mooryati sudibyo oge teu meunang di kawin, da gaduh caroge pa sudibyo, kitu deui martha tilaar. (a na dua, mun hiji mah, maot). 7. istri jawana ken dedes, da ngan tingal patungna wungkul. ari daek mah kawin jeung patung. hahaha
perkara urang jawa teh lanceuk, ieu salah gede. naon sababna? raja munggaran mataram teh, estuning turunan Galuh. tah, saha nu leuwih kolot? nu leuwih kolot mah, aki jeung nini mun dibanding bapa jeung ema. hehe...
|
|
wizky
New Member
Posts: 27
|
Post by wizky on Oct 3, 2006 11:13:13 GMT -5
aya oge panyababna deui nyaeta istri jawa loba ngomong pake 'o' lalaki sunda mah loba make 'a' jadi sok teu nyarambung, jeung deui istri jawa mah beuki wayang kulit mun lalaki sunda mah beuki wayang golek sarua eta ge teu nyambung, beuki teu nyambung mah istri jawa beuki make sendal lalaki sunda mah resep make sapatu
|
|
alink
New Member
Posts: 21
|
Post by alink on Oct 3, 2006 14:35:29 GMT -5
aya oge yeuh..mun isti sunda mah ngomongnya NYA tapi kalau istri jawa ngomong nya njih mas
piye kabaree..toh apik sing opo karoe....naon tah
|
|